Thursday, May 24, 2007

beuh!, tos tilu taun euy

“...
people don't know about the things I say and do
they don't understand about the shit that I've been through
it's been so long since I've been home
i've been gone, I've been gone for way too long
...”

Assalamuallaikum.Wr.Wb
sering dulur atawa kolot naros ka kuring, kieu tah :
(dulur/kolot) : "tos sabaraha lami di Balikpapan Ru ?"
(kuring) : "tos 3 taunan lah....."
(dulur/kolot) : "3 taun ?! teu karaos nya Ru to 3 taun deui....."
(kuring) : "(hmpfpfpf) hehehehehhe….."

Ari na jero hate mah, kuring ngagorowok "TEU KARAOS ti Hongkong sugan !?!?!?", it`s been quite a long time man!. Duka patokan ti mana bisa nyarios "teu karaos".

Mimiti taun kahiji mah, karaos pisan. Dameul masih hulang huleung teu paruguh, “adaptasi”, ceuk batur mah. Kutak-ketik rfq, maca tender, nyiapkeun proposal, maca drawing bari jeung teu ngarti naon anu kudu di reugeupkeun, poko na maca (ssstt !! kadang ngan pura-pura maca wungkul, tibatan disengor ku saluhureun).

Sering oge urang ngalamun, "nanaonan urang pindah ka Balikpapan, tos teuntreum geunah tumaninah di Bandung, tiis, seger, gareulis, karasep ;)".

(and time goes on)...........

Lalaunan, ayeuna kuring tos “rada” jadi urang Balikpapan. Tos biasa ku panasna, biasa ku baroseuna, biasa ku marahalna (contona, samangkok bubur hayam di Balikpapan == 3mangkokeun di bandung eta ge ditambah karupuk sawareugna deuih !) jeung ditambah tos gaduh KTP Balikpapan (moal sieun deui ku razia KTP lah ayeuna mah…). Jeung nu rada ngabrangbrangkeun hate, ayeuna kuring tos ngahiji deui jeung pamajikan didieu euy !!, Alhamdulillah.

Sanajan osok pakolepat ngalayang kana kahirupan di Bandung, kuring masih keneh tetep ngayakinkeun sorangan “Hey, I`m still here …and alive!, I guess God still has a plan for me! matak tuluykeun tah lalampahan teh !”

“......
you get what you put in and people get what they deserve
still I ain't seen mine, no I ain't seen mine
i've been giving just ain't been gettin
i've been walking that there line
so I think I'll keep a walking with my head held high
i'll keep moving on and only God knows why
......(Kid Rock)”

Wassalamualaikum.Wr.Wb.
heru, anu keur ngaroko jeung ngopi………

Labels: ,

0 Comments:

Post a Comment

<< Home