Wednesday, September 05, 2007

Kang Doel keur ngacapruk

Assalamuallaikum.Wr.Wb

Kamari basa nyetel lagu si Kang Doel, kapanggih lagu ieu. Lagu na mah tipikal pisan, Si Kang Doel bari maen gitar, ngalalobrol jeung babaturanana, diantara na teh (anu katangkep kuurang), aya Mang Usep, Mang Bogel, Abah E'on. Siganamah ngalagu bari ngopi jeung udud ngariung di pos hansip meureunannya.

Ambeh rada kaharti, ku urang ditulisna aya tilu maceum:
1. teks normal, eta berarti si Kang Doel nuju nyarios biasa jiga ngobrol,
2. teks miring, eta berarti si Kang Doel ngucapkeun kalimatna teh bari nga-lagu,
3. jeor kurung, eta berarti babaturanan (si Mang Usep, Bah E`on cs) keur nyeletuk/nembalan.

Tah kieu ceunah,
....» read more...
--------------------------------------
bandung bandung bandung
bandung bandung bandung
baheula paris van java
ayeuna borok jeung kusta
bareto dilingkung gunung
ayeuna heuring ku tangtung

(jalan rerenjul, loba nu bolong...)
ehh Bah ari soal renjul jeung bolong mah geus tong aneh. Apan ari ngomean teh pan tara disakaliguskeun, kawas teu ngarti wae. Lamun disakaliguskeun ngomeanana alus, pemborong teh moal boga cengcelengan keur taun hareup (ohhhh heuueuuhnya).
Heueh, pan eta teh kitu ceunah, lamun jalan kandeulna 5 senti, anu datang teh, anu ngontrol teh ngan ningali anu 5 senti weh, heueuh di rojok weh 5 senti, padahal anu kaditu na mah teuing tinggal 2 senti teuing sabaraha Bah. Heueh begitu beres nyolok langsung keupeulan...leosss kitu tah kajadiana teh.

Terus poek eta mah Gel...ayeuna mah jalan teh pararoek. Lamun tipeuting mawa mobil teh ngatog Mang Usep (naha kitu?), euweh penerangan jalan umum, ngan Asia Afrika nu hurung teh, Braga meureunnya, jalan Merdeka. Tah basa kadieu dieu mah komo jalan Sukarno Hatta halah enggeus pembatas jalana mah... teu kadeuleu wae euy!.

Heuuh...terus naon deuinya ayeuna teh,... tah Bah, banjir...
Asal hujan saeutik wehhh jalan teh langsung banjir. Mobil anu sok ayeuna barudak reuseup mobil darareupeuk tea, geus we begitu kadinya lain ginding...ngeureureubeuk tah langsung, geus poek teh...

Terus heueuh da kumaha nya ngararomean siga kitu. Ari pengusaha mah meureunya ceunah, meureun kontraktor ceunah ieu mah, lain pitnah ieu mah meureun, pikirana teh ngan duit jeung duit wehh wungkul nya, angpaw wehh jeung angpaw...(heueuh da naon ceunah meureunnya).

(ari masalah macet mah, anggeur wae macet mah...) Ehh macet mah geus teu aneh tuda ti baheula ge macet. Tah rek teu macet kumaha coba di Leuwi Panjang heueh, Leuwi Panjang teh eta 05 eta nagogna teh didinya...
Nagog didinya teungah jalan, lain...lain ditengah jalan, na stopan.
Urang kadang2 sok mikir mun ningali didinya eta teh, justru rek nanyakeun, eta teh supir anu nekad wanian atawa polisi na nu euwuh kawani leutik burih...(duanana sigana mah),(udud!), udud?, udud keur saha maksudna teh?, supir ka polisi ? AHH PITNAH SIAH! sok ngomongkeun. Ngambeuk ke ti polda ka dewek, ngambeukna mah lain ka maneh!. Ieu mah ngira-ngira euy....

bandung bandung bandung
bandung bandung bandung
geuring nangtung ngalanglayung panas tiris kumarurung
baheula lautan api, ayeuna lautan naon ?...LAUTAN RUNTAHH!!!!!

Alah eta kamari man euy di Leuwigajah, tanah longsor nyered runtah ninggang kampung, nu maot lain saeutik, salah saha eta teh coba ceuk Mang Usep ? salah saha Bah E'on ? (salah petugas !) petugas naon ?!, (petugas tukang sampah!),
Euy hapunteun kajanteuna di Leuwigajah mah ieu mah musibah....sakali deui saur pajabat dangukeun....MUSIBAH!!!
Padahal eta teh kuduna mah dipikiran, sing bener kumaha carana miceun runtah nu bener di beulah mana dikelola kumaha nya Bah nya...

lain saeutik maot MUSIBAH! ,
datang ieu MUSIBAH!,
si abah kamari duitna kacopten MUSIBAH!,
geus puguh eta disakulilingna copet, dompet ditembong tembong.
Mun bisa mah euy miceun runtah teh, tempat na nu bener pikiran heula tah jadi prioritas nu kararitu teh nya. Daripada malikiran heula mall sagala rupa, tah erek miceun runtah kamana kitu kan?! Pan urang teh nambahan mall teh berarti runtah bakalan nambahan deui, nambahan hotel, runtah pasti nambahan deui, ari tempat miceun runtah teu dipikiran...
ulah nepi kajadian siga Leuwigajah kamari .
Lain batur wungkul Sep, dulur aing ge nu maot teh rea, emmm karunya dulur-dulur sing tabah we... Eunya mudah-mudahan pamarentah urang daek ngingeutan tah kumaha ngalola runtah miceun runtah nu bener, ulah narik iuran sampah - iuran sampah weh terus bari jeung ditata heunteu, heueuh ?!

Tapi memang teu bisa sorangan nya, urang teh kudu babareungan meureun Sep, kudu rereongan, kieun meureun tah...

walikota jeung warga kota
niatna kudu sarua
gawe rampak babareungan
hayang beubeunah ngomean

Ari aing2an mah da moal bisa euy, nu hiji kakaler, ni hiji ka kidul, nu hiji deui ka kulon, nu hiji deui ka wetan. Contona siga Punclut ayeuna tah, heueuh masarakat hayang Punclut dijieun leuweung deui supaya asri alus nya rimbun meureunan, Walikota ceunah erek nyieun jalan gede kadinya, (SATUJU!...). Eh aro soal Walikota nyieun jalan mah, satuju mangga wae, supaya ari aya jalan kadinya gampang ngabeubenah Punclut anu keur kumuh teh nya supaya ajdi alus deui,
ngan ieu yeuh..teuing pak walikota teh teuing apal, teuing heunteu, teuing api api teu katempo,
ditukangeun Pak Wali teh aya nu nutur nutur tah bari peureum ongkod-ongkodan.
Heuuh eta teh erek ngawangun imah ceunah didinya teh rek nyieun tempat istirahat. Ngomongna mah kieu, abong nu peureum heueuh, tanah puluhan hektar ge katempona siga tilu tumbak weh kumanehna mah, malah pajabat jeung nu demo loba oge teu kaciri, kusabab...,kusabab peureum, jadi disangkana teh beureunyit we budak sd ngariung..alah aing mah euy.
Percuma eta mah, ANGPAW WEH JEUNG ANGPAW...!!! alah aing mah.

Padahal ideal na pan kieu,

ngajalankeun pangwangunan ulah ngarusak lingkungan Bah E`on, Mang Bogel, Mang Omen Mang Usep. Sabab program pamarentah kota teh kudu nyata mangpaatna, sagala anu dibangun teh kudu keur kapeuntingan rakyat lain kapeuntingan pengusaha, di mana-mana oge anu ngarana pengusaha mah nawaetuna ngan ukur LABA jeung LABA!!!
heueuh euweuh deui.

Ulah percaya make aya jeung konsep 80 20, 80 hutan 20 imah...MIMITINA!
da ari geus loba imah mah engke aya tukang tambal ban aya tukang roko
ah eunggeus rajet, rajet!, sakali deuin naon ? RRRRRAAAJJETTT!!
ahh nya kitu tea euy....

Contona tah siga kamari, naon contona teh Bah ?

Tuh Babakan Siliwangi anteupkeun atuh sina lestari
ulah nyeiun gara-gara ngajeugir siga gedung sabuga.

Sasana Budaya Ganesha jleug weh didinya, jadi nu lain ampir asup kadinya.
Untung harita didemo gede2an ku seniman euy...

Padahal mah seniman mah teu hayang jadi pejabat, teu hayang jadi pengusaha, teu hayang narima duit tinu teu pararuguh, demo teh murni nyaan, lain siga PT UDUD. Ayeuna aya loba diBandung teh PT UDUD. Ari nu disebut UDUD teh Usaha Dagang Urusan Demo, di balalayar 20 rebo ewang, alah geus weh unit tai wungkul!.

Conto deui tah geura nya, ieu yeuh.

tuh angguran Tegallega,
tata jadi taman kota
piara ku sarerea,
pikeun kabanggaan warga

Tah paleubah dieu mah satuju jeung Pak Wali, sabab Tegallega teh rek dijieun taman seni dan budaya. Jadi sagala rupa kagiatan kasenian teh nu gede gede bakal didinya ceunah Bah.
Sukur sukur lamun aya pamentasan rutin kasenian sunda, supaya kasenian sunda teh teu leungit kitu tah, teu paeh.

Urang teh tadi ngomongkeun wae terus, cik urang ngaturkeun heula sakeudeung eta ka bapa pamimpin,

kahatur Pa Walikota
ulah gampil unggeuk2 mangga
ka usulan pangusaha
nu ngadon ngarusak kota,

Heueuh kitu tah. Buktina naon coba

Jalan macet di mamana
digencet ku mall jeung plasa
erek nepi ka iraha
BANDUNG GEUS MACET KACIDA !!!

adduuhh ripuh euy ari beurang2 oge meni riweeeuuuuh nya, jeung kudu keiu deuih,

Walikota ulah ukur
jadi tukang tunjak tunjuk
pkl jeung tukang beca mah
lamun di seureud ngadon ngamuk

boro2 nurut nya, sabab kieu yeuh bedana teh warga kota ejeung nusejen teh bedana kieu,

Warga kota lain gajah sirkus
nu dititah diuk ...gek diuk
warga kota lain tentara
nu dititah baris ...der baris

Walikota jeung wargana kudu bisa jadi sobat,
mindeung panggih mindeng ngobrol,
kudu kumaha hadena.

Piraku ari geus nyobat mah heueuh teu bisa silih bantuan, sangkan kota jadi endah, sangkan kota jadi bersih lain kitu ?

Ieu mah ngan saukur sora ti seniman, kacinta kaBandung. Tapi apalah artinya seorang seniman?!, apa artinya suara seniman?!,
alah seniman mah cetek, PUIH SIAH!!!!!!!

--------------------

Tah kitu lamun si Kang Doel keur ngacapruk teh.....kabeh diomongkeun. Teuing iraha pastina si Akang teh nyieun lagu ieu, ngan lamun dikira-kira can lila sih eta anu panga nyarna mah kajadian Leuwigajah longsor eta lah...

Urang sabenerna hayang nga-sharing file mp3 na (da sigana teh di toko kaset mah geus areureuweuh lagu Kang Doel Sumbang teh, mun erek ge tah bakal aya dinu emper, anu ngajual kaset seken), ambeh leuwih karasa pisan atmospir sundana jeung leuwih kaharti, ngan teuing lah...bisi teu meunang ku si Kang Doel...masalah HAKI tea lah, Hak Atas Kekayaan Intelektual tea...

Kumaha Kang, keunging teu ku urang di-sharing ?

Wassalamuallaikum.Wr.Wb
heru, PUIH SIAH!!!!!!!!!

Labels: , ,